B. Daerah

Pertanyaan

Naon ari rumpaka tembang teh? ari rumpaka tembang teh?

1 Jawaban

  • Rumpaka tembang teh nyaeta kekecapan atawa kalimah anu aya dina tembang. Rumpaka umpama dina basa Indonesia sok disebut atawa sarua hartina jeung lirik. Tembang nyaeta salahsahiji rupa lalaguan anau aya dina seni Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan anu aya dina seni Sunda, nyaeta saperti tembang, kawih jeung kakawihan.

    Umpama ditilik tina rumpakana, tembang, kawih jeung kakawihan oge mangrupakeun karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan anu aya dina pupuh. Sedengkeun kawih jeung kakawihan mangrupakeun wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan.

Pertanyaan Lainnya