B. Daerah

Pertanyaan

Apa pengertian dongeng dan manfaatnya (Dalam Bahasa Sunda)

1 Jawaban

  • Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa anu eusina mangrupa carita rekaan. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon.  


    Ciri nu utama tina dongeng nyaeta caritana anu sok pamohalan atawa teu asup kana akal. Tapi, kusabab caritana pamohalan eta dongeng teh sok dipikaresep pisan ku barudak.  


    Kusabab dongeng sok dipikaresep ku barudak, carita nu aya dina dongeng sok dieusi ku ajen atikan anu bisa dijadikeun picontoeun atawa pieunteungeun barudak. Jadi, mangpaat dongeng anu utama nyaeta caritana sok dieusi ajen atikan anu bisa dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun barudak.


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : X (1 SMA)

    Kata Kunci : Mangpaat dongeng, picontoeun, pieunteungeun, pamohalan

Pertanyaan Lainnya