B. Daerah

Pertanyaan

teangan hartina kecap-kecap di handap, tuluy larapkeun Kana kalimah !

1. Panatacalaraga
Kalimahna....
2. Naratas
Kalimahna...
3. Lalangse
Kalimahna...
4. Mieling
Kalimahna...
5. Soson-soson
Kalimahna...
6. Jembar
Kalimahna...
7. Tohtohan
Kalimahna...
8. Cacah
Kalimahna...
9. Cangkingan
Kalimahna...
10. Wewengkon
Kalimahna...

1 Jawaban

  • Nu perlu diperhatikeun dina ngalarapkeun kecap kana kalimah nyaeta mikanyaho ragam basa nu dipiboga ku kecap kecap nu rek dilarapkeun dina kalimah. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.

    Pembahasan

    Umumna kecap kecap nu disebutkeun di luhur bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta harti tina kecap kecap nu ditanyakeun di luhur sarta larapna dina kalimah nu ngagunakeun ragam basa loma:

    1. Panatacalaraga hartina panitia. Kalimahna "Budi teh jadi panatacalagra dina pasanggiri kawih pop Sunda
    2. Naratas hartina ngarintis atawa ngamimitian. Kalimahna "Pa Udin teh anu naratas seni bela diri silat di kampung kuring"
    3. Lalangse hartina kasang atawa tirai. Kalimahna "Tadi teh kuring asa nempo aya Amir tapi kahalangan ku lalangse jadi teu jelas"
    4. Mieling hartina nginget nginget. Kalimahna "Pikeun mieling poe kamerdekaan Indonesia baris diayakeun lomba badminton"
    5. Soson-soson hartina suhud, bener-bener, rajin. Kalimahna "Hidep kudu soson soson diajar teh ambeh pinter"
    6. Jembar hartina lega, luas. Kalimahna "Boga hate teh kudu sing jembar ambeh hirupna sehat"
    7. Tohtohan hartina sakuat tanaga. Kalimahna "Mang Parta teh digawena tohtohan keur hirup kulawargana"
    8. Cacah hartina rakyat leutik. Kalimahna "Henteu cacah henteu menak ari kana dahar mah kabeh oge beuki"
    9. Cangkingan hartina cekelan. Kalimahna "Papatah hirup kudu sauyunan teh geus jadi canglingan urang Sunda"
    10. Wewengkon hartina daerah atawa wilayah. Kalimahna "Salak teh mangrupa hasil tatanen di wewengkon Manonjaya"

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Ngalarapkeun kecap kana kalimah

Pertanyaan Lainnya