B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun ciri ciri umum dina dongeng

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Dongeng mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana prosa buhun. Conto prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon. Di handap ieu ciri-ciri umum dina dongeng sacara lengkep:

    1. Dongeng mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa, nyaeta prosa buhun.
    2. Dongeng miboga eusi mangrupa carita rekaan atawa khayal.
    3. Carita khayal dina dongeng biasana pamohalan atawa teu asup kana akal.
    4. Biasana palaku dina dongeng bisa naon wae, saperti umpamana bisa jelema, barang, tutuwuhan atawa oge sato.
    5. Anu nulis dongeng biasana anonim.
    6. Dongeng sumebarna biasana sacara lisan.

Pertanyaan Lainnya