Bagaimana contoh iklan dan wawaran dalam kertas KPS dengan bahasa sunda
B. Daerah
rudhy8802
Pertanyaan
Bagaimana contoh iklan dan wawaran dalam kertas KPS dengan bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban rizkyandriyana
Contoh wawaran di sakola:
Assalamu’alaikun Wr. Wb.Hatur uninga ka sadayana, sarengsena ulangan umum, di sakola urang rek diayakeun kagiatan Porseni. Ieu kagiatan teh bade lumangsung salami genep dinten, ti kaping 21 tepi ka 26 Nopember.
Unggal kelas kedah ngintunkeun wawakilna boh pikeun pertandingan olah raga boh pikeun pasanggiri kasenia. Cabang olah raga anu rek dilombakeun nyaeta, maen bal, voli, jeung tenis meja.
Ari kasenian anu rek dilombakeun nyaeta maca puisi, vokal grup, sareng drama. Jalaran kitu, salaku KM sim kuring meredih ka sadayana, urang kedah ngarojong ieu kagiatan sarta ti ayeuna kedah nangtoskeun saha-sahana anu bakal janten wawakil kelas.
Mugi-mugi kelas urang tiasa janten juara umum. Saurna, para pinunjul engke bakal dipaparin panghargaan ku Bapa Kapala Sakola. Sakitu wawaran ti sim kuring. Hatur nuhun kana perhatosa ti sadayana.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.