Papatah atawa piwuruk pangajaran, teroran, pituduh pikeun milampah oanghadean disebut
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Papatah atawa piwuruk pangajaran, pituduh pikeun milampah kahadean disebut paribasa. Paribasa nyaeta salahsahiji rupa tina pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan nu miboga susunan nu geus maneuh sarta harti nu geus maneuh oge. Nu kaasup kana pakeman basa nyaeta saperti paribasa, babasan, cacandran, pamali jeung kila-kila.
Pembahasan
Salahsahiji conto paribasa nyaeta saperti "peureum kadeuleu beunta karasa" anu hartina nyaeta "innget bae atawa henteu bisa poho, nyaeta saperti inget bae ka jelema anu dipikancinta".
Aya sawatara kekecapan dina paribasa anu murwakanti, nyaeta saperti dina paribasa di luhur, kecap peureum murwakanti jeung kecap kadeuleu, kecap beunta murwakati jeung kecap karasa.
Susunan kekecapan nu aya dina pakeman basa, saperti paribasa, geus maneuh. Kusabab kitu kecap atawa kekecapan nu aya dina paribasa henteu meunang dirobah, dikurangan atawa ditambah.
Pelajari lebih lanjut
- Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
- Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
- Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IV
Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan
Bab : 8
Kode : 4.13.1
Kata Kunci : Paribasa nyaeta