B. Daerah

Pertanyaan

Naon ari anu d maksud dongeng pieunteungeun?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Anu dimaksud dongeng pieunteungeun nyaeta yen dina dongeng teh biasa diselipkeun ajen atikan anu bisa dijadikeun picontoeun atawa pieunteungeun utamana pikeun barudak. Dongeng mangrupa sarana anu efektif pikeun dijadikeun pieunteungeun barudak, sabab dongeng mah sok dipikaresep pisan ku barudak.

    Carita nu aya dina dongeng sok dipikaresep ku barudak sabab eusi carita nu aya dina dongeng mah sok pamohalan atawa sok teu asup kana akal. Conto carita pamohalan nu aya dina dongeng nyaeta saperti aya sato atawa tutuwuhan nu bisa ngomong. Carita nu pamohalan kitu teh sok dipikaresep pisan ku barudak mah.

Pertanyaan Lainnya